Senin, 27 Januari 2014

Pantun Sunda

Goreng lampah tikapungkur
kana ni'mat henteu syukur
Nukitu goreng ka Masyhur
Sabab embung shalat dzuhur

Jadi jalma susur sasar
Nafsu amarah di umbar
Batur shalat jig ka pasar
Sabab embung shalat ashar

Jadi jalma henteu ghalib
Teu percaya kanu gaib
Batur shalat ieu nyilib
Sabab embung shalat maghrib

Jadi jalma ieu dosa
Pagawean memperkosa
Batur shalat henteu karsa
Sabab embung shalat isya

Jadi jalma siga lungguh
Pagawean heunteu puguh
Batur shalat ieu tunduh
Sabab embung shalat subuh

Karasana keur sakarat
Hanjakal kaliwat-liwat
Tara ngalaksanakeun shalat
Akhirna kaburu wafat



oleh : Prof. Dr. H. D. Nurzaman

0 komentar:

Posting Komentar

KLIK SAJA :)

Postingan Populer